DRAMA MAULID NABI LENTERA HATE MAULID ||SANTRI PUSTI
Pusti Bandung barat
0:00 / 0:00
DRAMA MAULID NABI LENTERA HATE MAULID ||SANTRI PUSTI
468 просмотров · 3 недели назад
Pusti Bandung barat
17 подписчиков
468 просмотров · 3 недели назад
Bismillah
ini adalah kreasi seni drama...yg mau sound drama ini silahkan
berikut naskah drama nya juga:
Bismillahirohmanirohim
Narator:"assalamualikum warohmatullahiwabarakatu..
3 Dinten menjelang Maulid Nabi,
Disalah sahiji pondok pasantren
di Tasikmalaya
Di Tempat ieu Aya salah Sahiji Santri namina
fulan anjeuna yatim, anu hatena sepi Lir anu Carinakdak wae,
Tapi anjeuna boga hiji Cinta anu teu
Kungsi pupus ... nyaeta Cinta ka kanjeng
Nabi Muhamad SAW
kumaha jamaah sadayana penasaran?
mangga ieu alur Caritana...
"LENTERA HATE MAULID"
Tepuk tangan👏👏👏
scene 1
MUSIK
-Mail : " Dak 3 poe deui acara muludan teh nya?
kumala ges arapal can??"
-Dodo: "eh ari urang Kabagean nyanyi naon nya???"
-Aisyah:" Lain nyanyi atu do, sholawat kituh"!!!"
-Dodo: "hehe enya teh... dodo mah hoyong nyanyi
oncom gondrong teh(musik)
-Udin&Mail:"HAH??? (BaRi molotot Terus Seuri ngagakgak)
-Udin:" dodo... dodo aya aya wae sakalian Surabi haneut atuh"
-Aisyah: "Astagfirullah Dodo ieu mah Maulid do"
-Mail :"timbul gera, pamali do!(bari ngutruk)
#Torojol pa ustad,
#musik/ sound langkah kaki
-Ustadz:"Asalamualaikum, aya ribut² naon leu teh???"
Semua Santri:" Waalaikumsalam pa ustadz"
-Mail:" leu pa ustadz Si Dodo ngabodor wae"
-ustada:"enya ento ntos, kumaha atos lalançar
Latihana???"
Semua Santri:"atos pa ustad".
-ustad:"Fulan naha dijuru wae, kadieu kasep anaking"
-Fulan : " Muhun pa Ustad"(dodo nyaketan pa ustadz)
SCENCE 2
Narator:"Ayeuna urang
Ngalih Tempat Ka bapa bapa anu nuju
Ngariung musyawarah pikeun nyiapkeun
Kana lumangsungna acara muludan..."
#MUSIK
-kang Iwan:" pa Ustad Alhamdullilah nya Kanggo Acara
muludan ayenamah Sugema pisan, domba
Anu kanggo akekah nage aya kana 4 na"
-ustadz:" muhun Alhamdulilah Kang Iwan, teu acan
anu sanesna geningan nya , Sayurana , bungbuahan jeung
Opieuna"
-Kang Suhe:" tah kitu Pa ustad mantap👍 ini mah
makanan kita hehe"
-Kang Iwan:" Naon ari maneh jol we makanan kita suhe!!!"
-Kang suhe:"he he he"
-Ustadz:"ntos...ntos..sing seueur ngadoa we,mugia lancar dina waktosna🤲"
-K.iwan&suhe:"aamiin🤲"
SCENE 3
-Narator: Teu dodo teu kang suhe aya we
Piseurieunateh... Menjelang hari H
Para ibu ibu tos biasa paciweuh marantosan masak,Aya anu nyangu, nyayur,gurang goreng,aya oge anu suksak siksik.
Kumaha Kariweuhana Ibu Ibu hayu urang
Langsung wae ka TKP"
#musik..
-Ceu icih:"eueceu... ih ni resep abimah leu teh"
-Ceu Dedeh:" na Resep kunaon kitu ceu ni sumuringah kitu?"
-Ceu icih:"ih ieu apanan loba kieu Katuangan, ceuyah ih... makanan kita ini mah ih..hehe"
-Ceu Imas :" kitu we euceu mah kana Isi teuteung wae "
-Ceu dede:"Teu aneh teh imas da ceu icih mah kitu"
Bu ai:"Cik kadieukeun eta -Ceu icih urang goreng
Seep keh di keureuyeuh wae mah..."
-Ceu icih:"hehe...ih Terang wae bu ai mah..he he"
-Bu ai:"enya da Kararayan atu ceu icih mah
hihi"
-ceu icih:"ih ni kitu ka abi teh"
SCENE 4
-Narator:"Ceu icih ceu icih...Dina wengi Sepi anu teu acan Larut.
Ditambah Ku hujan ngaririncik sareng
hiliwir angin anu metak nyecep Kana
hate Fulan... Sabari cirambay sedih
maca surat ti umi anu jauh di kampung
Musik...
(Surat to umi:"jang hapunten Umi, Umi teu tiasa hadir dina acara maulid ayeuna...
Ujang tong sedihnya... ujang teu nyalira,didinya pasti seueur anu mikanyaah ka ujang...
Insya Allah ke pami Umi tos gaduh rezeki
Umi nepangan kaujang..."
-Fulan:"Umi... (Bari Curik Sisimakeun)
Ujang teh kangen ka umi... boyong
pendak Sareng Umi.. ntos 3 taun
ujang teu pendak apanan saring umi."
-Aisyah:"Fulan atos tong nangis... Fulan didieu teu nyalira seueur anu nyaah ka fulan...cing kiat nya"
-Fulan:"enya teh"(bari nyusutan cai soca)
SCENE 5
-Narator : (Berjalan Sambil ngusap" air mata)
nincak waktos Kana acara Maulid
Nabi... Santri- santri sareng Jamaah
Sadayana kempel diarea.
Musik
-Ustad:"Penampilan terakhir Kreasi Seni dina acara Maulid nabi leu nyaeta ditutup ku fulan Nu bade nyandakeun serat Kanggo Rasul...
Mangga Fulan... tepuk tangan hadirin..
Musik
-Fulan:(bari gemeter sedih) Assalamualaikum ya Rasullulah
Abdi Fulan, Abdi yatim
kadang abdi ngarasa nyalira ya nabi...
tapi dinten ieu abdi bade nyarios ka jalmi anu paling nyaah ka abdi...
Ya Rosulullah
Abdi teu gaduh nanaon pikeun anjeun ya Rosul
Ngan gaduh rindu,gaduh sholawat,gaduh tangis
Waktu abdi Sedih abdi emut anjeun kantos
Langkung sedih pikeun umat...
waktu abdi ceurik ..abdi emut Anjeun Kantos
ceurik nyebat umati Umati
Ayeuna Abdi Ngartos, yatim Sanes berarti
nyalira .. Ku sabab abdi gaduh anjeun Yarosul...
Ku sabab abdi gaduh dulur...
ya Rosul tampi surat abdi leu
jantenkeun abdi umat anu tiasa ngabanggakeun
anjeun ya Rosul...
shallallahu alanabi Muhamad
(fulan nunduk)
#musik
-Narator : "Dupina Sakitu para jamaah sadayana,
Pamentasan drama anu tiasa Kasanggakeun
kirang langkung na nyungkeun dihapunten
wassalamualaikum warahmatullah wabarakatu