Перейти к содержимому

GSL Budak Buncir (TMII, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya

Akoer Lah II

0:00 / 0:00

GSL Budak Buncir (TMII, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya

110 577 просмотров · 1 год назад
Akoer Lah II
9,84 тыс. подписчиков
110 577 просмотров · 1 год назад
TEMA VIDEO Dalam rangka pelestarian budaya lokal (folklore) Jawa Barat yang memiliki kearifan lokal (local wisdom) yang adiluhung, di antaranya dengan cara pengarsipan digital kesenian-kesenian lawas tradisional rakyat Jawa Barat dari sumber aslinya (primer). Pengarsipan budaya tersebut dipublikasikan melalui media sosial seperti YouTube agar dikenal kembali oleh para generasi penerus. Kesenian-kesenian tersebut di antaranya seni pertunjukan wayang golek (puppet show). Tentunya konten wayang golek ini sudah dimodifikasi sedemikian rupa melalui proses editing dan bersifat unik serta ditambahkan deskripsi atau sinopsis agar memiliki nilai hiburan dan edukasi yang signifikan bagi para penggemar wayang golek. DESKRIPSI VIDEO Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan H. Asép Sunandar Sunarya ieu minangka ngeusi salah sahiji program acara Gubernur Saba Lembur nu dialpukahan ku Gubernur Jawa Barat harita, H. Ahmad Héryawan. Pagelaran lumangsung di TMII Jakarta Timur anjungan Jawa Barat, bulan Mei 2012. SINOPSIS BUDAK BUNCIR Sinigeug. Di Karaton Madukara, Arjuna kadatangan Resi Kombayana atawa Dorna nu cenah diutus ku Raja Astina, Duryudana. Maksud nepungan Arjuna téh minangkana mah ngayakeun “rékonsiliasi” (daméy) antara Pandawa jeung Kurawa nu geus lila dina pacogrégan, mumusuhan, hayoh wé silih arah pati. Rékonsiliasi éta antara Pandawa jeung Kurawa kudu bébésanan. Gatotkaca kudu dikawinkeun jeung putri Duryudana, Déwi Lesmining Puri. Tapi tawaran ieu ditampik ku Gatotkaca. Alesanana, Gatotkaca téh can aya sir pikeun rumah-tangga. Arjuna jeung Resi Dorna keukeuh maksa ka Gatotkaca kudu nurut kahayang kolot. Kusabab keukeuh embung, Arjuna ngancam Gatotkaca rék dipaéhan. Malah Semar Badranaya nu ngahalangan Arjuna supaya ulah mergasa Gatotkaca, kalah diciduhan ku Arjuna. Sikep Arjuna kitu alatan dipangaruhan ku Dorna. Waktu Semar rék ditubles ku badama Arjuna, Semar ngaleungit, kitu deui Gatotkaca kabur ti karaton Madukara. Lalampahan Gatotkaca ahirna anjog ka hiji patapaan Tutugan Gunung Parasu (kadang dalang nyebut Rotawu) nu diadegkeun ku Pandita Merakaca. Di patapaan éta, Gatotkaca hayang maguron ka Pandita Merakaca. Gatotkaca disarankeun supaya miluan sayémbara di Karajaan Tirta Dahana pikeun meunangkeun Putri Dahana Wati. Tapi saméméhna, Gatotkaca kudu salin jinis heula jadi jalma nu goréng patut, nu katelah Budak Buncir. Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe, share, like, koméntar sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan anu énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya kalih para nayaga GH3 nu tos ngarantunkeun, mugia para almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.