Перейти к содержимому

Wayang Golek GH2 Bangbang Kilat Buana (Audio Panggung, 1995) - Ade Kosasih Sunarya

Akoer Lah

0:00 / 0:00

Wayang Golek GH2 Bangbang Kilat Buana (Audio Panggung, 1995) - Ade Kosasih Sunarya

72 568 просмотров · 5 лет назад
Akoer Lah
119 тыс. подписчиков
72 568 просмотров · 5 лет назад
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Wayang golék Giriharja 2 pingpinan dalang Adé Kosasih Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio pagelaran di Sukaraja Sukabumi tanggal 24 Juli 1995. ======================= Pami nengetan téma lalakon di satiap judul lalakon wayang golék seueur nu sami hususna ngeunaan pusaka Layang Jamus Kalimusada nu dipiboga ku Pandawa ti Amarta. Nu ahirna, nu gaduh lalakon pamungkas téh Semar Badranaya. Rupina mah téma lakon kieu pikeun siloka atawa gambaran ngeunaan dasar falsafah bangsa Indonesia nyaéta Pancasila. Maklum di jaman Orde Baru mah, ideologi Pancasila téh istuning diugung-ugung pisan, malah aya penataran ngeunaan Pancasila nyaéta P4 (Pedoman Penghayatan dan Pengamalan Pancasila) atawa Eka Prasetya Pancakarsa. Kitu deui dina pagelaran wayang golék aya pesen-pesen moral nu didugikeun ku dalang pentingna pengamalan sila-sila dina Pancasila. Sinigeug, di karaton karajaan kajinan Gunung Kapitu, Prabu Durjana Murka keur sinéwaka jeung Patih Durjana Séti katut pingpinan prajurit Durjana Reksa. Sanajan ngarasa yén karajaanana loba patalukanana tapi can ngarasa sugema kénéh. Nu jadi marga lantaran kabéh gé patalukanana lain bangsa manusa. Durjana Murka téh boga ambisi hayang naklukkeun karajaan bangsa manusa. Boga rasa sirik ka Karajaan Amarta nu dirajaan ku Prabu Yudistira dianggapna dipikaasih ku para déwa. Dumasar katerangan ti Durjana Reksa, yén kamajuan di Amarta téh boga pusaka Layang Jamus Kalimusada salaku lambang atawa falsafah nagara. Kukituna Prabu Durjana Murka ngajurungan patihna supaya maling Layang Jamus Kalimusada. Patih Durjana Séti nyamar jadi Semar Badranaya supaya gampang nginjeum Layang Jamus Kalimusada ka Pandawa. Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!