Перейти к содержимому

Wayang Golek GH3 Semar Jadi Sinatria (Audio Panggung, 1997) - Asep Sunandar Sunarya

Akoer Lah

0:00 / 0:00

Wayang Golek GH3 Semar Jadi Sinatria (Audio Panggung, 1997) - Asep Sunandar Sunarya

115 003 просмотра · 4 года назад
Akoer Lah
119 тыс. подписчиков
115 003 просмотра · 4 года назад
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Nagrak, Sukabumi, tanggal 7 Juni 1997. =========================== SINOPSIS AWAL CARITA : Sinigeug, di alas Saptarengga padépokan pariwana, Bagawan Abiyasa kasumpingan putuna nyaéta panengah Pandawa, Arjuna, dibarengan ku Lurah Semar Kudapawana katut anak-anakna, Astrajingga jeung Dawala. Maksud Arjuna nepangan éyangna téh rék ngalaporkeun ogé nyungkeun pitunjuk yén kitab gaduhna Bagawan Abiyasa nyaéta Jendra Sastra Rahayu Ningrat aya nu maling. Bagawan Abiyasa méré saran yén pikeun néangan kitab téh kudu "indit bari cicing, lumampah ulah ngaléngkah". Hartina kudu mujasmédi, menekung ka Nu Maha Agung, mujabrata ka Nu Maha Sukma. Sabab nu maling kitab téh lain jalma samanéa. Mujasmédina dibarengan ku Semar. Dina hal ieu, Semar ngawujud jadi sinatria jujuluk Éka Panca Tunggal. Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag.