Leungiteun || Lesti Kejora - sakulawargi
duta kesuma
0:00 / 0:00
Leungiteun || Lesti Kejora - sakulawargi
9 783 просмотра · 4 месяца назад
duta kesuma
2,25 тыс. подписчиков
9 783 просмотра · 4 месяца назад
Leungiteun || Lesti Kejora - sakulawargi
Ciptaan : Endang Mulyana Sopian
Lirik:
Mun ras inget ka mangsa anu katukang
Basa hidep jeng Bapa peurih berjuang
Mintonkeun sora ti panggung ka panggung
Rek ngahontal cita-cita
Hayang jadi penyanyi nu kakoncara
Najan cocoba teu weleh tunimpa
Tapi urang teu putus asa
Bari neneda kanu kawasa
Ayeuna hidep geus ngarumah tangga
Dina mangsa geus ngahontal cita-cita
Najan urang moal kawas baheula
Da ayeuna hidep geus aya nu boga
Ukur du'a anu teu weleh diteda
Ka gusti anu maha sagalana
Mugi abdi bagja sasalawasna
Najan urang ayeuna paanggang
Leungiteun anaking bapa leungiten