Перейти к содержимому

Wayang Golek GH2 Gugurna Patih Suwanda (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya

Akoer Lah

0:00 / 0:00

Wayang Golek GH2 Gugurna Patih Suwanda (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya

29 963 просмотра · 5 л. назад
Akoer Lah
119 тыс. подписчиков
29 963 просмотра · 5 л. назад
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. SINOPSIS GUGURNA PATIH SUWANDA Di Karajaan Mahéspati, Prabu Arjuna Sasrabahu ngangkir para senopati kaasup Patih Suwanda atawa Bambang Somantri. Ogé teu kaliwat para pawongan Lurah Semar Kudapawana, Cepot, Dawala. Raja ngangkir para senopati téh boga maksud hayang macangkrama ngabagjageun permaisuri Déwi Citrawati ku cara ngabendung walungan Gangga. Sukan-sukan paparahuan di walungan Gangga. Ogé pikeun ngahibur rahayat Mahéspati ngarala lauk di walungan nu saat. Cara ngabendung walunganana nyaéta Prabu Arjuna Sasrabahu ngaluarkan élmuna tiwikrama ngajadikeun awakna sagede gunung. Maklum apanan Arjuna Sasrabahu téh katitisan Batara Wisnu. Aya sebab tangtu aya akibat. Kusabab walungan Gangga dibendung, ngaakibatkeun cai walungan ka girangna jadi kabendung kaasup wewengkon Karajaan Aléngka kabanjiran. Hal ieu ngajadikeun Prabu Dasamuka atawa Rahwana murka. Saterusna ngumumkeun perang ka Karajaan Mahéspati. Dina peperangan ieu, Bambang Somantri atawa Patih Suwanda nemahan pati. Sabenerna waktu Somantri ditunggel jangga ku Rahwana, teu hartina Somantri nemahan pati. Somantri boga élmu linuwih, sanajan awakna papisah jeung sirahna, tapi tetep masih hirup. Malah Rahwana tepi ka soak diudag-udag ku Somantri. Rahwana nyumput dina sédong walungan. Ngan di lebah dieu, sukmana Sokrasana, adina Somantri ngawaskeun di alam kalanggengan. Sokrasana nganggap yén lanceukna geus nemahan pati. Manéhna nempo sirah lanceukna ngangkleung di walungan. Sokrasana ngawujud jadi buhaya bodas, terus nyapluk sirah Somantri. Manéhna hayang babarengan jeung lanceukna di alam kalanggengan. Rahwana sorangan taluk nyanghareupan kadigjayaan Arjuna Sasrabahu nu bisa tiwikrama jadi buta sagedé gunung. #wayang_golek #giriharja2 #gugurna_patih_suwanda