PUPUH JURUDEMUNG | LIRIK
JURAGAN SENI
0:00 / 0:00
PUPUH JURUDEMUNG | LIRIK
48 946 просмотров · 4 года назад
JURAGAN SENI
4,54 тыс. подписчиков
48 946 просмотров · 4 года назад
Pupuh Jurudemung
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu Agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Saupama hayang senang
Gawe urang masing suhud
Insya Allah hasil
Asal muntang ka Pangeran
Ngadu'a sing hasil maksud
Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning nu Kawasa
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Ka kabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang
Saupama hayang senang
Kudu usaha berjuang
Dina laku lampah jujur
Tong dibarung ku takabur
Pareng panggih jeung kasusah
Kana qadar kudu pasrah
Ulah petot nya ikhtiar
Dibarung hate nu jalan