Pupuh Gambuh Vokal 2 Rambahan (Lirik di Deskripsi) || Tuh itu beurit lintuh ...
SD Palasari Rongga
0:00 / 0:00
Pupuh Gambuh Vokal 2 Rambahan (Lirik di Deskripsi) || Tuh itu beurit lintuh ...
1 266 просмотров · 3 недели назад
SD Palasari Rongga
1,31 тыс. подписчиков
1 266 просмотров · 3 недели назад
Pupuh Gambuh Vokal 2 Rambahan (Lirik di Deskripsi) || Tuh itu beurit lintuh ...
Lihat video lainnya:
• 17 Pupuh Vokal Mang Koko
• Karaoke 17 Pupuh Mang Koko
PUPUH GAMBUH
Laras : Pelog/Degung
Surupan : 1 = Tugu
Sanggian : Mang Koko
Juru Sekar : Ida Rosida - GJ Sétra
BEBAS WIRAHMA
Tuh itu beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna masing taliti
Anakna kabeh ngariung
Saregep hormat ka kolot
Indungna pok mitutur
Anaking kudu waspada hirup
Lamun manggih hakaneun ngagantung seungit
Omat ulah rék katipu
Sabab enggeus réa conto
TANDAK PANAMBIH
Indung beurit dikukuntit
Ku anakna nu sapuluh
Indung geurah anak bungah
Sempal guyon jeung ngaguruh
Terus jempé simpé réhé
Kabeh anak ngarariung
Bari sikep tur saregep
Ngabandungan patwa indung
Indung beurit pok wawangsit
Anaking kudu waspada
Entong moho ku pangolo
Bisi temahna cilaka
Kadaharan jadi eupan
Ngagantung matak kabita
Lamun gawok popolohok
Raga papisah jeung nyawa
Tag :
#pupuhgambuh
#17pupuh
#lombaftbi
#latihanpupuh