Karaoke/Minus One Pupuh Balakbak 3 Rambahan || Aya monyet ...
SD Palasari Rongga
0:00 / 0:00
Karaoke/Minus One Pupuh Balakbak 3 Rambahan || Aya monyet ...
198 просмотров · 8 дней назад
SD Palasari Rongga
1,31 тыс. подписчиков
198 просмотров · 8 дней назад
Karaoke/Minus One Pupuh Balakbak 3 Rambahan || Aya monyet ...
Lihat juga video lainnya:
• 17 Pupuh Vokal Mang Koko
• Karaoke 17 Pupuh Mang Koko
PUPUH BALAKBAK
Laras : Degung
Surupan : 5 = Kenong/loloran
Sanggian : Mang Koko
Juru Sekar : Ida Rosida - GJ Sétra
Aya monyét ting guntayang dina tangkal (Nérékél)
Jalu bikang jeung anakna sukan-sukan (Rarécét)
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngakanan manggu nu asak (Teu répéh)
Kocap aya anak monyét nu nyorangan
(Garéték)
Kulit manggu pirang-pirang dihakanan
(Diségét)
Dipiceunan (dipiceunan) sabab pait karasana
(Molélél)
Katenjoeun ku indungna dicontoan (Dipésék)
Nu dihakan eusina anu barodas (Amis téh)
Geus kitu mah (geus kitu mah) anakna ngarasa bungah (Nyéréngéh)
Aya manuk eunteup dina régang dahan (cineten)
Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan (sieméng)
Sanggeu deuket (Sanggeus deuket) dirontok arék dihakan (ber mantén)
Ucing sial tigebrus dasar keur naas (ku sué)
Hanas ngintip ti tadi geus lila pisan (karényéng)
Kari-kari (Kari-kari) kalah tigebrus cilaka (sieméng)
Kabeneran ku jalma anu rék nimba (katangén)
Ucing diasongan timba ditulungan (nyanggéréng)
Pék ditarik (Pék ditarik) ati-ati lalaunan (dikérék)
Geus di luhur si éméng gancang jleng luncat (ngélémés)
Uang éong nganuhunkeun kanu haat (geus ngérék)
Tadi na mah (Tadi na mah) disangkana éta jalma (rék goréng)
Tag:
#karaokepupuhbalakbak
#pupuhbalakbak
#latihanftbi
#17pupuhsunda
#latihanpupuh