Wayang Golek GH2 Gubarja Kusumah (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya
Akoer Lah
0:00 / 0:00
Wayang Golek GH2 Gubarja Kusumah (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya
17 664 просмотра · 5 лет назад
Akoer Lah
119 тыс. подписчиков
17 664 просмотра · 5 лет назад
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
SINOPSIS CARIOS GUBARJA KUSUMAH
Sinigeug, di karaton nagara kajinan Parang Gubarja, Prabu Gubarja Kusumah keur ngayakeun sawala (babadamian) jeung adina Patih Gubarja Seti katut Senopati Kala Gubarja. Dina sawala éta, ngahaja diondang inohong ti bangsa manusa nyaéta Togog Téjamantri. Maksud raja ngayakeun sawala téh alatan raja hayang boga prameswari ti bangsa manusa. Wanoja bangsa manusa nu dipilih dumasar pelengan batin Togog nyaéta Windu Wulan putri Karajaan Tasikmadu, bojona Dipati Arjuna. Saterusna Prabu Gubarja Kusumah nitah adina Patih Gubarja Seti dibantu ku Senopati Kala Gubarja pikeun maling Windu Wulan.
Kacaritakeun di tempat séjén nyaéta di Tumaritis Tegal Gorowong, Semar Kudapawana nyalukan anak-anaknya, Astrajingga atawa Cépot jeung Dawala. Dicalukan téh supaya siap-siap indit ka Madukara nyumponan pangangkir ti Arjuna nu rék ngayakeun sukuran milang kala nu ka-20 putrana, Abimanyu. Sabot keur ngawangkong, torojol rombongan ti Astina, dipingpin ku Resi Dorna. Maksud kadatangan Resi Dorna salaku utusan Raja Astina, Duryudana téh rék nginjeum Astrajingga pikeun diala getihna minangka tumbal Karajaan Astina nu keur ngalaman bancang pakewuh. Tapi Astrajingga jeung Dawala nolak kahayang rombongan ti Astina. Komo saprak dibéjaan ku Adipati Karna yén Astrajingga téh bakal dipaéhan.
Astrajingga jeung Dawala tarung ngalawan rombongan Kurawa nu ngepung. Tapi para Kurawa taya nu mampuh ngalawan anak-anak Semar. Kusabab teu hasil mawa Astrajingga, Resi Dorna rék nepungan muridna Adipati Arjuna di Madukara. Maksudna rék minangsaraya ka Arjuna supaya bisa mawa Astrajingga ka Astina.
Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!